.::Saung Inawan Raos Kanggo Gegelehean::.

Blog EntryACARA NGALALANA KA PANGANDARAN & BATU KARASJul 11, '06 8:49 AM
for everyone

 

“Bewara Kagiatan Ngalalana”

 

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Seja bade ngabewarakeun ka sadayana yen Insya Alloh bade ngayakeun acara Ngalalana Ka Pangandaran & Batu Karas.

 

GAMBARAN KAGIATAN

Kagiatan ieu intina mah dina raraga silih wanohkeun silih asah, asih, asuh diantawis baraya anu sok pirajeunan kukulamprengan di jagat maya. Sareng ngabrungbrangkeun rieutna mastaka alatan seueurna sareng pahibutna padamelan di kantor sewang-sewangan. Tah tina kagiatan ieu akhirna mah nya tali duduluran tiasa manjang sapanjang-panjangna, nya boh nu bade bisnis, milari padamelan (pami aya, he…he…), milari jodo, milari mantu, sareng anu sanesna.

 

Peryogi kauningan kusadayana, yen dina kagiatan ieu estuning mayunkeun sikep kamandirian urang. Hartosna, dina kagiatan ieu teu dipasihan fasilitas dugi ka transport, penginapan (di pangandaran wungkul aya), tuangeun. Estuning sadayana teh ku urang ti urang, sareng kanggo urang, saur basa legeg nah meureun swababarengan (ner teu nya?). Terutami di Batu Karas urang teh ngekamp, masak nyalira atanapi meser nyalira. 

 

Kahoyong mah tina perjalanan ieu urang tiasa ngadamel samodel dokumentasi boh dina bentuk tulisan atanapi photo kalayan lengkep. Teras hasilna urang lebetkeun kana web http://www.urang-sunda.or.id supados sing saha wae sareng timana wae tiasa muka sareng terang kumaha kaayaan objek wisata anu aya di tatar sunda khususna Pangandaran. Pan hawatos pisan, kapungkur mah Pangandaran teh salasawios objek anu diminati pisan ku para turis, na ari ayeuna sepi. Sareng informasi ngeunaan objek wisata di internet teh mani langki pisan.

 

ANAPON LOKASI ANU BADE DITUJU

1.      Pangandaran (Cagar Alam, Cagar Alam Laut, Goa-goa jsb)

2.      Batu Karas (maen salancar, sunset-sunrise, jsb)

 

WAKTOS ACARANA

Dinten Kemis – Saptu, Ping 17 – 19 Agustus 2006

 

RENCANA JADWAL KAGIATAN

Acara kagiatan ieu kirang langkung umumna sapertos kieu.

Kemis, 17 Agustus 2006

08.00 – 09.00                            : Kempel di Term. Kp. Rambutan

09.00 – 17.00                            : Perjalanan ka Batu Karas

17.00 – 19.00                            : Istirahat + Ngekamp+ Makan+Sholat

19.00 – 22.00                            : Acara Malam + Games

22.00 – 05.00                            : Memeres bulu soca

 

Jum’at, 18 Agustus 2006        

05.00 – 11.00                            : “Kumaha Dinya”

11.00 – 13.00                            : Sholat Jum’at (Kanggo Pameget)

13.00 – 14.00                            : Beberes nu teu beres

14.00 – 16.00                            : Angkat ka Pangandaran

16.00 – 22.00                            : Kumaha Dinya, Ulin, Beubeuleuman Lauk

22.00 – 05.00                            : Memeres bulu soca

 

Saptu, 19 Agustus 2006

05.00 – 07.30                            : Kumaha Dinya

07.30 – 17.00                            : Ngaprak Cagar Alam (Laut + Leuweung), guha2, dll.

17.00 – 19.00                            : Ngaso deui

19.00 -                                      : Balik ka Imah

 

PERLENGKAPAN ANU KEDAH DICANDAK / DISAYOGIKEUN

1.      Peralatan masak + makan.

2.      Parafin per orang na 2 bungkus.

3.      Tenda / Dome.

4.      Bade nyandak gitar sareng sajabana oge mangga.

 

 

FORMULIR PENDAFTARANANA

Nami Lengkep                           :

Alamat                                      :

No HP/Tlp.                                :

E-mail                                       :

YM ID                                        :

Jumlah anu bade ngiring            :

Ngiring Angkat                          : Jakarta / Bandung / Tepang di Pangandaran *)

 

*) Coret anu teu peryogi

Formulir ieu mugi dikintunkeun ka email : inawan@gmail.com japri wae.

 

PENDAFTARAN

Biaya pendaftaran          : Rp. 45.000/jalmi (teu kalebet transport, konsumsi,logistic)

Pendaftaran + konfirmasi di tutup dugi ka ping 9 Agustus 2006.

Transferkeun ka Saderek Amin Mutamin  No. Rek. 0014369631 Bank BNI Dukuh Bawah Jakarta, saren pami tos transfer mugi ngawartosan ka Kang Amin Mutamin - 0811959177

 

FASILITAS ANU DISAYOGIKEUN

Kaos, penginapan di Pangandaran          

 

TIM FASILITATOR / EO

Koordinator                               : Ki Runa Inawan

Bendahara /Paleuitan                 : Kang Amin Mutamin

Tukang Jepret                           : Kang Dudi Herlianto

Tukang Nyusun Acara                 : Kang Yugi Budiana Malik

Tukang Kaditu-kadieu                : Kang Irpan Rispandi

 

Contact Person :

Runa Inawan – 0818109410 YM: runainawan / runa_inawan

Kang Amin – 0811959177 YM: ojimasid

Kang Irpan - +628888091440 irpanr@gmail.com

 

Info salajengna sumangga kanggo dibuka di :

  1. http://inawan.multiply.com
  2. http://inawan.blogs.friendster.com

 

ESTIMASI BIAYA ANU DIPERYOGIKEUN

~ Transportasi   PP         : Rp. 180.000  (AC) / ekonomi tangtos sahandapeun

~ Tiket                          : Rp. 15.000 (Cagar Alam Pangandaran + Batu Karas)

                         

                       

Hatur Nuhun,

Wassalamu'alaikum WR. Wb.

 

 

INDONESIA VERSI

Untuk tour de pangandaran, ini gambaranya:
- Acara dilaksanakan pada tanggal 17-19 Agustus 2006
- Quota peserta maksimal 30 orang (mudah-mudahan tercapai)
- Peserta dibagi dalam beberapa kelompok (3-4 org/kelompok).

- Biaya resmi yang harus disediakan:
a. Pendaftaran Rp. 45.000 (kaos+penginapan) 

b. Transport
Jkt-batu Karas PP Rp. 170.000 (AC), tapi mudah mudahan dpt ekonomi yang bagus biar murah dikit. 
Batu Karas - pangandaran PP Rp. 30.000
c. Tiket masuk batu karas & Pangandaran Rp. 15.000

Total biaya diluar logistik : Rp. 260.000

- logistik, diurus masing-masing kelompok. fasilitator tidak ikut campur.
- Logistik mencakup:
a. tempat berteduh (tenda)
b. alat memasak
c. bahan makanan
d. bahan bakar
e. minuman
f. obat-obatan pribadi

                       

 

Salam,

TIM EO

 



12 CommentsChronological   Reverse   Threaded
inawan wrote on Jul 12, '06
Sok marangga, kuring marawanan ieu postingan ah....he....he....
mojangakank wrote on Jul 12, '06
Sok atuh baraya geura daraftar.....
Abi mah moal tiasa, tgl sakitu masih ngalalana keneh di tempat damel :D
inawan wrote on Jul 13, '06
Rajin pisan damel geuningan...???? Hebat lah....he...he....
inawan wrote on Jul 13, '06
"Sunda Panyalindungan Rasa Hayu Urang Toweksa"
momyikel wrote on Jul 19, '06
hanjakal teu tiasa ngiring,komo ayeuna laut kidulna kena musibah......
mojangakank wrote on Jul 19, '06
hanjakal teu tiasa ngiring,komo ayeuna laut kidulna kena musibah......
Muhun kang runa kumaha, masih dilanjutkeun ?
mojangakank wrote on Jul 19, '06
inawan said
Rajin pisan damel geuningan...???? Hebat lah....he...he....
Sabtu pan damel keneh. Pami minggu acara kulem...hehehe
inawan wrote on Jul 20, '06
Saprtosna di robih format acarana. Nembe sareng rerencangan anu sanes, aya ide nyaeta acarana janten kgt sosial (ngabantos kanu keuna musibah). Ieu nembe ide nya mugi wae tiasa kalaksanakeun. Anu ka impleng bentuk kagiatanana nyaeta :
1. Ngabantos dina bentuk fisik, materi, atanapi tanaga.
2. Ngayakeun kagiatan pelatihan Penanganan Bencana Gempa/Tsunami sareng sosialisasi/penyuluhan.
Rencana keneh wae, lokasina rencana ka Cipatujah Tasik, da geunigan wewengkon ieu rada kahihilap sareng kirang kasorot ku media. Hawatos pan.

Nya teteh pan tiasa ngiringan ngabantos kudu'a kitu deui neng Iva, he....he....atanapi ngabantos kordinasi2. He.....he...
Kirang langkung panginten kitu.
Hatur nuhun.
mojangakank wrote on Jul 20, '06
Kutan kitu. Sok atuh lah didukung ku doa.
Janten relawan teh teu gampil.Kedah leres2 siap fisik sareng mental.
inawan wrote on Jul 20, '06
Muhn pami bade ngabantos tanaga oge hayu..he...he..ke urang antosan kasipan anu sanesna neng....
momyikel wrote on Jul 24, '06
Sae atuh ..ari kitumah...
muhun ayeuna baraya urang nuju kena musibah...
meryogikeun bantosan....
eh puguh atuh tetehmah ngadiakeun ,bujeng bujeng kanu kenging musibah,kanu henteu oge ngadoakeun.
komo teteh di pangandaran wargi aya dua anu ngantunkeun....
anu sapalih deui teu acan kapendak....
mantak sedih...........
inawan wrote on Jul 25, '06
Sae atuh ..ari kitumah...
muhun ayeuna baraya urang nuju kena musibah...
meryogikeun bantosan....
eh puguh atuh tetehmah ngadiakeun ,bujeng bujeng kanu kenging musibah,kanu henteu oge ngadoakeun.
komo teteh di pangandaran wargi aya dua anu ngantunkeun....
anu sapalih deui teu acan kapendak....
mantak sedih...........
Muhun leres Teh bangsa urang ayeuna nuju pisan dipsaihan cocobi ku Alloh SWT, mugi2 we bangsa urang tetepdipasihan kasobaran sareng ka imanan. Amin.

Teu acan kapendak teh ? Uluh abi ngiring belasungkawa teh, pami wargi abi mah alhamdulillah saralamet sadayana.

Insya Alloh aya rencana bade ngayakeun kagiatan aksi sosial peduli Bencana gempa/Tsunami anu diprakarsai ku Barudak HIMALAYA, urang2 KUSnet, Komunitas Milis Tasik. Alhamdulillah oge secara individu aya anu tos sayogi kanggo ngiring ngabantosan (pikiran/tanaga) kana kgt ieu, diantawisna ti mahasiswi unpad sareng UPI, padamel di geologi, Bappeda-Jabar, rerencangan cetting, sareng anu sanesna.

Rencana kegiatan ieu nyandak lokasi di sabudeureun Cipatujah / Cikalong. Bentuk kagiatanana aya dua rupi nyaeta :
1. Bantosan langsung mangrupi barang2 anu diperyogikeun ku anu keuna bencana.
2. Sosialisasi perkawis gempa/tsunami sareng pelatihan penanganan bencana gempa/tsunami secara dini.
Tah dua kagiatan ieu rencana mah. Naha teu ka pangandaran, da pangandaran mah tos seueur anu ngabantos. Tah sakaterang abi di Cipatujah/Cikalong Tasik sapertosna rada kirang kapalire.

Rencana kgiatanana bade dilaksanakan pertengahan agustus atanapi akhir agustus/awal september.

Tah kumargi kitu abi ka teteh sinareng sadaya kadangwargi anu ngulampreng ka blog ieu nyuhunkeun pangrojong sinareng support (eh sami nya hartosna mah, he....he...). Nya mugi2 we paniatan ieu tiasa kalaksanakeun kalayan lancar tur nyugemakeun. Amin..Amin...Amin...
Add a Comment
   
© 2008 Multiply, Inc.    About · Blog · Terms · Privacy · Corp Info · Contact Us · Help

Template design Copyright © 2005 Remi Prevost Some rights reserved.